3 Contoh Teks Naskah Pidato Bahasa Sunda Terbaru Berbagai Tema

- 2 Maret 2023, 17:53 WIB
3 Contoh Teks Naskah Pidato Bahasa Sunda Terbaru Berbagai Tema
3 Contoh Teks Naskah Pidato Bahasa Sunda Terbaru Berbagai Tema /Pixabay/Fotocitizen/

Salam sejahtera kanggo urang saréréa..
Puji sukur kehadirat Pangeran Anu Maha Ésa luhur karuniana sarta rahmatna, urang dipasihan kénéh kasempetan kanggo papanggih di rohangan ieu dina kaayaan séhat walafi’at.

Bapak/Ibu guru anu ku simkuring di pikahormat.. Dina ieu kasempetan, simkuring badé ngadugikeun hiji biantara singkét ngenaan kana masalah banjir, dina judul biantara nu badé didugikeun nyaéta “Hayu urang nanggulangan kana masalah banjir”.

Sepertos anu atos ku urang terang, yén banjir téh mangrupakeun musibah anu sering lumangsung diwéwéngkon urang. Banjir ogé mangrupakeun salah sahiji musibah alam anu sering lumangsung di Indonesia, hususna didaérah palataran anu langkung handap.

Sadérék anu ku simkuring dipikahormat.. Peryogi urang terang yén cai caah téh tiasa disebabkeun ku sagala rupi macem faktor, sedengkeun faktor anu boga pangaruhna pisan nyaéta rendahna palataran di tempat wéwéngkon kasebat.

Sedengkeun faktor sanésna nyaéta faktor anu di akibatkeun ku jalmi. Contona tina miceun runtah, perkawis ieu anu babari ku urang panggihan di balarea nyaéta, nyatana masih seueur kenéh masyarakat nu kirang kasadaranana tina miceun runtah.

Perkawis ieu anu tiasa menyebabkeun caah téh, nu nyieun mangpetna saluran cai sarta ka urugna runtah di walungan. Sajaba ti éta, caah ogé tiasa dongkap ku margi kurangna tatangkalan kanggo resapan cai lamun basa keur hujan di wéwéngkon kasebat.

Urang tingali disakeliling urang kususna di kota-kota ageung, anu mana beuki dinten téh beuki seueur lahan anu atos didamel padumukan, tah perkawis ieu salah sahijina nu janten kasang tukang lumangsungna banjir, margi cai atos moal tiasa deui lebet ka taneuh.

Sadérék anu simkuring pikadeudeuh.. Masih seueur kénéh faktor lian nu nyebabkeun banjir téh ku sabab kalakuan jalmi, simkuring pasihan conto deui sapertos kirangna tatangkalan héjo disabundeureun urang.

Padahal mah, tatangkalan anu aya di sabundeureun urang téh tiasa nyerepan cai. Lamun tatangkalan éta atos teu aya deui, mangka ageungna cai angger wae teu tiasa nyerep deui ka taneuh.

Bapak/Ibu guru anu simkuring pikahormat.. Kasang tukang lantaran lumangsungna banjir kasebat téh mangrupakeun cerminan kanggo diri urang sadayana. Kitu kaayaan kasadaran sarta pépéling ngeunaan musibah banjir téh terus dipersoalkeun dugi ka ayena.

Halaman:

Editor: Fadhil


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x