3 Contoh Teks Naskah Pidato Bahasa Sunda Terbaru Berbagai Tema

- 2 Maret 2023, 17:53 WIB
3 Contoh Teks Naskah Pidato Bahasa Sunda Terbaru Berbagai Tema
3 Contoh Teks Naskah Pidato Bahasa Sunda Terbaru Berbagai Tema /Pixabay/Fotocitizen/

SUDUTBATAM.COM – Berikut ini 3 contoh teks naskah pidato Bahasa Sunda terbaru berbagai macam tema, untuk kebutuhan terkait.

Pidato Bahasa Sunda dikenal dengan masyarakat Sunda sebagai istilah biantara. Biantara adalah teks pidato dalam Bahasa Sunda yang disampaikan dalam acara tertentu khususnya di daerah Jawa Barat.

Tujuan dari Biantara ini sendiri ada beberapa, tujuannya juga tidak lain layaknya teks pidato pada umumnya: Menyampaikan informasi dan pemahaman kepada orang lain yang mendengarkan pidato, Mempengaruhi pendengar untuk melakukan apa yang disampaikan, Memberikan kesan positif agar orang lain merasakan energi positif usai mendengar pidato tersebut.

Di beberapa sekolah di Indonesia Bahasa Sunda hadir sebagai mata pelajaran yang ada di Jawa Barat dan biasanya untuk Sekolah Dasar (SD) hingga Sekolah Menengah ke Atas (SMP).

Berikut di bawah ini 3 contoh teks naskah pidato Bahasa Sunda terbaru berbagai macam tema, untuk kebutuhan terkait.

1. Tentang Pendidikan

Assalamu alaikum warahmatullahi wabarokaatuhu..

Bapa Ibu anu ku simkuring dipihormat.
Langkung tipayun, hayu urang manjatkeun puji sinareng sukur ka dzat Allah SWT nu MahaWelas tur nu Maha Asih. Ku sifat Rohman sareng Rohim-Na, ayeuna urang tiasa riungmungpulung di ieu tempat dina raraga tolab elmu, nyiar pangarti dina urusan kaislaman.

Bapa sareng Ibu anu hadir didieu. Upami ku urang sadayana dilenyepan, jaman kiwari tehparantos seueur perobihan, ti jaman urang kapungkur dugi ka ayeuna, benten sareng tebihpisan perobihanna. Ti kawit alat transportasi, dugi ka teknologi ayeuna serba canggih.

Kapungkur, urang dimana hoyong patepang teh kedah sumping ka tempat anu dimaksad.Tapi, ku jaman kiwari mah tos aya HP nu aya kamera payuna. Nu mana upami urang hoyongngobrol papayun-payun teh kantun nganggo teknologi nu di sebat video call.

Tah eta salah sawiosna teknologi ayeuna nu canggih teh. Sareng masih seueur keneh nusanesna.

Kacipta na eta teh teu leupas tina pendidikan.Kumargi kitu, pendidikan di jaman ayeuna teh diraos penting pisan kanggo putra-putri urangsalaku generasi penerus di jaman anu bade dongkap.Cobi emutan ku urang sadaya.

Di tengah-tengah maju na teknologi, kumaha upami putrasareng putri urang teu di bahanan ku pangarti? Tangtos anjeuna bakal katingaleun tebih kupersaingan kerja, kumargi ayeuna oge pami hoyong damel teh kedah gaduh ijazah anu luhurpami hoyong kenging damel anu sae mah.

Atuh sajaba ti eta, pendidikan teh mangrupikeun media kango nyiar elmu atanapi pangarti.Dina salah sawios katerangan aya nu nyebatkeun yen pendidikan teh saumur hirup, teumengenal yuswa. Hartosna, pendidikan teh wajib ti ngawitan urang lahir dugi ka pupusna.

Ti kawit ayeuna hayu urang leres-leres dina milari rejeki kanggo nyakolakeun putra putriurang supados tiasa neraskeun pendidikan anu saluhur-luhurna.

Kumargi tos karaos kuurang sadaya yen pendidikan teh penting pisan kango bekel hirup urang kapayun.

Mugia harepan urang sadayana tiasa dikabulkeun kunu Maha Benghar nyaeta Allah SWT.Mudah-mudahan sok sanaos singkat, mudah-mudahan cariosan urang ti awal dugi ka akhirtiasa dipihartos ku sadayana Bapa Ibu anu hadir ayeuna.Hatur nuhun kana perhatosannana.

Ditutup ku doa "rabbana aatinaa fiddunya hasanah, wa fil-akhirati hasanah, wa qinaaadzaabannaar".Wassalamu alaikum warohmatullohi wabarokaatuh..

2. Tentang Banjir

Assalamu’alaikum Wr. Wb.

Salam sejahtera kanggo urang saréréa..
Puji sukur kehadirat Pangeran Anu Maha Ésa luhur karuniana sarta rahmatna, urang dipasihan kénéh kasempetan kanggo papanggih di rohangan ieu dina kaayaan séhat walafi’at.

Bapak/Ibu guru anu ku simkuring di pikahormat.. Dina ieu kasempetan, simkuring badé ngadugikeun hiji biantara singkét ngenaan kana masalah banjir, dina judul biantara nu badé didugikeun nyaéta “Hayu urang nanggulangan kana masalah banjir”.

Sepertos anu atos ku urang terang, yén banjir téh mangrupakeun musibah anu sering lumangsung diwéwéngkon urang. Banjir ogé mangrupakeun salah sahiji musibah alam anu sering lumangsung di Indonesia, hususna didaérah palataran anu langkung handap.

Sadérék anu ku simkuring dipikahormat.. Peryogi urang terang yén cai caah téh tiasa disebabkeun ku sagala rupi macem faktor, sedengkeun faktor anu boga pangaruhna pisan nyaéta rendahna palataran di tempat wéwéngkon kasebat.

Sedengkeun faktor sanésna nyaéta faktor anu di akibatkeun ku jalmi. Contona tina miceun runtah, perkawis ieu anu babari ku urang panggihan di balarea nyaéta, nyatana masih seueur kenéh masyarakat nu kirang kasadaranana tina miceun runtah.

Perkawis ieu anu tiasa menyebabkeun caah téh, nu nyieun mangpetna saluran cai sarta ka urugna runtah di walungan. Sajaba ti éta, caah ogé tiasa dongkap ku margi kurangna tatangkalan kanggo resapan cai lamun basa keur hujan di wéwéngkon kasebat.

Urang tingali disakeliling urang kususna di kota-kota ageung, anu mana beuki dinten téh beuki seueur lahan anu atos didamel padumukan, tah perkawis ieu salah sahijina nu janten kasang tukang lumangsungna banjir, margi cai atos moal tiasa deui lebet ka taneuh.

Sadérék anu simkuring pikadeudeuh.. Masih seueur kénéh faktor lian nu nyebabkeun banjir téh ku sabab kalakuan jalmi, simkuring pasihan conto deui sapertos kirangna tatangkalan héjo disabundeureun urang.

Padahal mah, tatangkalan anu aya di sabundeureun urang téh tiasa nyerepan cai. Lamun tatangkalan éta atos teu aya deui, mangka ageungna cai angger wae teu tiasa nyerep deui ka taneuh.

Bapak/Ibu guru anu simkuring pikahormat.. Kasang tukang lantaran lumangsungna banjir kasebat téh mangrupakeun cerminan kanggo diri urang sadayana. Kitu kaayaan kasadaran sarta pépéling ngeunaan musibah banjir téh terus dipersoalkeun dugi ka ayena.

Lamun ukur pamarentah waé anu nanggulangan banjir mah mangka mustahil masalah banjir téh tiasa di tungkulan. Janten ku sabab kitu, alusna urang sareng balarea sadaya ogé kedah ngiringan dina nungkulan masalah banjir ieu.

Hayu sami-sami urang nungkulan masalah banjir sasarengan, sarta ulah silih nyalahkeun hiji sareng nu lianna. Nah, sakitu waé biantara singkét ti simkuring kana masalah banjir ieu, hamputen lamun masih seueur kénéh kakiranganana. Wassalamualaikum. Wr. Wb.

3. Tentang Kebersihan

Assalamualaikum wr wb

Langkung tipayun urang panjatkeun puji sinareng syukur kailahiirabbi nu manakalayan hidayah sareng inayahna, urang sadaya tiasa kempel dina ieu tempatkalayan dina kayaan sehat walafiat.

Para wargi anu ku simkuring dipikahormat.Dina ieu waktos, abdi bade nerangkeun sakumaha pentingna hirup sehat kanggourang sadayana. Janten, urang sadaya kedah atawa wajib ngajaga lingkungansareng awak nyalira pikeun urang sadaya tiasa ngajaga tina sagala panyakit. Kumargi kitu, urang kedah ningkatkeun pola hirup sehat kanggo kapayunna di kawitanti ayuena.

Dina salah sahiji hadits diterangkeun…
Inna dhofatu minal iman
Nu hartosna: “Kabersihan teh sabagian tina Iman”

Tina hadits eta, urang tangtu tos ngartos maksad sareng tujuannana, nyaeta urangteh umat muslim anu ngagaduhan iman dina jero hate urang. Upami urang sadayaiman ka Allah, berarti urang kudu bersih atanapi suci tina sagala kokotor boh hadasalit atawa hadas ageung, nu nyebabkeun urang teu suci.

Bersih eta sadaya teh nudidasarkeun tina bersihna jeung sucina urang sareng lingkungan di sakitar urang.Kabersihan sakola oge kudu urang jaga. Urang kudu mikacinta kabersihan sangkanhate urang ge milu bersih.

Kabersihan teh aya marupi-rupi macemna, nyaeta aya bersih hate, bersih jiwa,bersih raga, sareng bersih rohani. Tah, urang kudu janten jalmi anu kaasup kana
jalma anu bersih sadayana. Allohumma, amien… Hayu urang sami

-sami ningkatkeunpola hirup sehat kanggo kasaean urang sadaya sangkan tiasa leuwih getol kanaibadah ka Gusti nu Maha Welas tur Maha Asih.Para wargi anu mulya.

Cekap sakitu abdi nyanggakeun pihatur, pamungkas pisanggem, bilih aya basa anukirang entep saeureuhna atanapi kecap anu kirang merenanh larapna, mugi kersangahapunten.

Itulah 3 contoh teks naskah pidato Bahasa Sunda terbaru berbagai macam tema, untuk kebutuhan terkait.***

Editor: Fadhil


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x