Kumpulan Contoh Teks Naskah Pidato Bahasa Sunda Terbaru 2023, Berbagai Tema sebagai Refrensi Siswa

- 13 Maret 2023, 22:00 WIB
Kumpulan Contoh Teks Naskah Pidato Bahasa Sunda Terbaru 2023, Berbagai Tema sebagai Refrensi Siswa
Kumpulan Contoh Teks Naskah Pidato Bahasa Sunda Terbaru 2023, Berbagai Tema sebagai Refrensi Siswa /Pixabay/

Urang tingali disakeliling urang kususna di kota-kota ageung, anu mana beuki dinten téh beuki seueur lahan anu atos didamel padumukan, tah perkawis ieu salah sahijina nu janten kasang tukang lumangsungna banjir, margi cai atos moal tiasa deui lebet ka taneuh.

Sadérék anu simkuring pikadeudeuh.. Masih seueur kénéh faktor lian nu nyebabkeun banjir téh ku sabab kalakuan jalmi, simkuring pasihan conto deui sapertos kirangna tatangkalan héjo disabundeureun urang.

Padahal mah, tatangkalan anu aya di sabundeureun urang téh tiasa nyerepan cai. Lamun tatangkalan éta atos teu aya deui, mangka ageungna cai angger wae teu tiasa nyerep deui ka taneuh.

Bapak/Ibu guru anu simkuring pikahormat.. Kasang tukang lantaran lumangsungna banjir kasebat téh mangrupakeun cerminan kanggo diri urang sadayana. Kitu kaayaan kasadaran sarta pépéling ngeunaan musibah banjir téh terus dipersoalkeun dugi ka ayena.

Lamun ukur pamarentah waé anu nanggulangan banjir mah mangka mustahil masalah banjir téh tiasa di tungkulan. Janten ku sabab kitu, alusna urang sareng balarea sadaya ogé kedah ngiringan dina nungkulan masalah banjir ieu.

Hayu sami-sami urang nungkulan masalah banjir sasarengan, sarta ulah silih nyalahkeun hiji sareng nu lianna. Nah, sakitu waé biantara singkét ti simkuring kana masalah banjir ieu, hamputen lamun masih seueur kénéh kakiranganana. Wassalamualaikum. Wr. Wb.

3. Tentang Kebersihan

Assalamualaikum wr wb

Langkung tipayun urang panjatkeun puji sinareng syukur kailahiirabbi nu manakalayan hidayah sareng inayahna, urang sadaya tiasa kempel dina ieu tempatkalayan dina kayaan sehat walafiat.

Para wargi anu ku simkuring dipikahormat.Dina ieu waktos, abdi bade nerangkeun sakumaha pentingna hirup sehat kanggourang sadayana. Janten, urang sadaya kedah atawa wajib ngajaga lingkungansareng awak nyalira pikeun urang sadaya tiasa ngajaga tina sagala panyakit. Kumargi kitu, urang kedah ningkatkeun pola hirup sehat kanggo kapayunna di kawitanti ayuena.

Halaman:

Editor: Fadhil


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah